Senin, 26 Maret 2018

Contoh Uleman Pernikahan dalam Bahasa Sunda

 Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wancimustari n... thumbnail 1 summary
 Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

Tatandang nu bakal midang, balebat mangsana miang, cunduk waktu nu rahayu nitih wancimustari ninggang mangsana waluya malati ligarna ati, kembang tanjung nu gumulung pameungkeut cangreud kadeudeuh, pakait patali asih pasini rintih ngahiji subaya nyatageugeut layeut laki rabi sareng pamugi dianti-anti nyakseni Walimatul Nikah pun anak anuInsya Allah bade dilaksanakan dina :

Dinten : Minggu
Ping : 7 Maret 2010
Waktos : Tabuh 09.00 WIB dugi ka rengse

Tempat : Rorompok Kp. NesaciMugia dina waktosna Bapa/Ibu/Saderek ngersakeun rurumpaheun sumping ka rorompok riung mungpulung ngedalkeun katresna manah sasarengan jajap du’a pamugi ginanjar kawilujengan ginuluran rakhmat Allah kalayan aya dina karidoan manten-Na.

Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh
 

Tidak ada komentar